ADANG ADING
Adang ading adalah ngaran jelema guys maenya ngaran hordeng mah , adang dan ading , mereka kembar siam tapi beda bapak beda indung beda imah beda salempak oge :( , adang ading sok babarengan wae , dahar mandi ngureuk kasbon megatan angkot ngisian galon pokona bareng , dimana ada ading disana ada adang , partner in crime~
Hiji wanci bada asar adang hudang biasa guys pengangguran , isuk jadi peuting , peuting jadi beurang eh kumaha sih :( , "ding geus hudang can mun geus hudang geuwat mandi kita nongki nongki manja :*" adang ngabbm si ading , "nu ngabm teh mun teu maneh nya onlensop dang , okey" ading ngabls bbm adang , bertemu lah mereka diwarung , nongkrong mah dimana weh asal bungah bisa seuri jeung bisa nganjuk teu kudu ditempat mewah , dang boga aska teu ? Nyaho aska teu guys ? ASap KAhirupan nyaeta roko a.k.a seupaheun , teu boga ding , iyeu aya 3rebu , okey maneh askana aing kopina nya , siap , "blay aska 2 kopi hideung hiji gpl!!!!!!!!!" emang teu sabaraha hargana guys tapi kebersamaan mah teu bisa dihargakeun , tjieeee tjieeee pesan moral tjieeeeeee , jadi aya naon tea dang , keula atuh ding aing keur nyeungeut aska :( , jadi kieu ding maneh apal kan si tuti nu sok chatan jeung aing , oh heueuh apal dang , emang kunanon si tuti rek ngajabeul motor maneh dang ? Lain anying lain lising si tuti mah lain adiiiiing tapi tukang tiung , ngaran tuti pagawean tukang tiung , cocok ngaran jeung pagawean na but rek pagawean , digawena kumaha ge nu penting halal and barokah , pride~ , kan aing sok kontekan nya ding aing sok perhatian , si tuti hayang pulsa ku aing diberi pulsa listrik , hayang semen jeung keusik ku aing dianteran , sugan rek ngabangun weh aing mah :( , tapi perhatian si adang leuwih edan tibatan perhatian operator nu ngingeutan kuota rek beak , jadi kumaha masalahna adang ? , heueuh ding aing hayang pateupang jeung si tuti , oh lop , tapi masalahna kan aing hawuk buladig hapur nambuyak , naha ngomong kitu dang ? Jelema mah euweuh nu sampurna , geus ayeuna peuting amprokan hayu ku aing dianteur , masalah pisik mah gampang , pedekeun ayeuna mah dang , tapi aing teu wani ding :( , wanikeun aisia atuh , okeeeeeeyyyy ding , peutingna~ , adang dandan , minyak wangi ngadadak nganjuk ka indomart , pake kameja tuluy nyelah motor ngabret ka imah si ading , digeurung geurung motor teh hareupeun imah si ading teh , da nyampeur si ading mah kitu euy , ngageurungkeun motor lain maledogan kaca imahna , piomongeun aisia :( , ngabret adang ading teh diperjalanan dalam perihal mengungkapkan perasaan adang , dijalan aya nu tatangkeupan dina motor (bobogohan) dijeujeuk ku si ading mah tuluy dihudangkeun deui ku si adang , kompak yah mereka mah guys :* , eureun ditaman , ding maneh daek teu nungguan didieu , aing rek nyampeur si tuti tea , trus diajak jalan jalan , umroh , ombak banyu , kemping , ngala kalapa , okey dang kalem mun aya nanaon kontek aing weh mun teu wawar dimesjid terdekat , siap ding , dreeeennn...dreeeennn.....dreeenn sora motor adang , tuluy ngabm tut aku didepan rumah sakit , eh rumah kamu ketang , kedap dang aku nganggo dasteur heula , teu lila kaluar imah tuti memancarkan pesona nya , jero hate adang ngoceak "iyeu meureun cinderella cinderella teh euy :*" tuti nyampeurkeun ka adang , punten iyeu adang sanes ? , sanes tut iyeu mah jne kan tuti pesen aseupan ceunah , ih a adang mah heuleuy ae , aaaaaaaaaa tutiiiiiiiii :* , momotoran adang jeung tuti teh bari ngobrol manja , nu asalna mawa motor 26181914674mph jadi 20mph komo mun aya gajlugan mah , alaaaaahhhh paporit , lumayan eh astagfirullahaladzim tapi eta nyata euy , adang initeh mau kemana ? , mau ke kua tut mau menyelesaikan cinta ini , ah a adang mah sa ae ah sa ae aaaaaaaa , jol eureun disisi jalan ditukang batagor , karena bobogohan sejati itu tak mandang tempat asal bisa ngobrol jeung ngieun seuri , si doi ge pasti bangga , soalna mun ngobrolna di kape or restoran pasti popotoan moal ngobrol moal dahar moal ngisikan beas oge , sakirana ka kape rek popotoan mah eunggeus weh di qirei poto euy kencan na puguh puguh langsung dicetak , rek dijadikeun poster , baligo , spanduk eta mah kumasiaaaaaaaa :( , balik deui ka carita , mang pesen batagor 2 nu hiji tong make sosin nu hiji tong make baso gpl mang , siap engke dikadinyakeun lewat tixi , pas dahar batagor si adang inget si ading , "duh si ading geus dahar can nya ? Geus mandi can nya ? Geus ngorekan ceuli can nya ? Hampura ding dagoan kedap deui :(" , anggeus dahar adang jeung tuti teh , kunaon dang ningalikeun tuti wae ? , heunteu tut kedap nya adang muka bagasi motorna tuluy nyokot kanebo , aya naon dang ih eta nyandak kanebo kamu rek nyetim motor :( , eta di mulut kamu ada samara batagornya kata adang sabari ngelap careham tuti , saking romantisna si adang mah ngelap sungut oge ku kanebo lain ku tisuuu , jalan jalan udah dahar udah ucing sumput udah ngobrol udah , dianteurkeun tuti teh ka imahna pas turun dina motor , jol adang ngomong , tut kumaha initeh hubungan tea maenya rek ngagantung gini da bukan kampeur atau popoean tut , sebenarnya aku mau bilang dari tadi tapi adangnya ngajak becanda aja , tuti juga suka sama adang , adang baik ngieun aku seuri wae pokona tuti mun kontekan sama adang suka bahagia visuuuunnddttt , tapi............lamun batur muji terus tungtungna aya kata tapi pasti moal baleg mun bisa mah tutupan ceuli begitu ngadenge kata tapi teh mun teu make headset nyeutel lagu metal polume pulkeun , hukum sebab akibat didieu berlaku lain di fisika wae euy , sebabna manehna muji naon akibatna setelah manehna muji naon , da kabar ge aya kabar baik aya kabar buruk da mun kabar kabari mah gosip euy~ , kacarita deui , tapi tuti udah balikan lagi sama mantan tuti dang 717161718 poe yg lalu , maapin tuti dang , tadi mau bilang gituh tapi sieun ngarusak suasana kan keur ngeunah ngeunahna ngobrol bari heureuy , maap dang , begitu ngadenge jawaban tuti adang ngahuleung fastest , bari jero hatena ngoceak deui wae , berarti aing ngan jadi palumpatan pas manehna jenuh butuh hiburan , eta pikiran adang , tuti balik bari cireumbay cipanon jol adang ngahokan , tuuuuutttt , tuti berbalik badan , hatur nuhun waktosna kanggo weungi ayeuna ujar adang , adang ngabret motorna distendingkeun dihareup imah si tuti nepi ka taman tempat si ading nungguan , saking ku kanyeurian na , omat guys jelema mun geus kanyeurian moal datang 2 kali dina datang deuina oge manehna pasti moal mawa rasa nu sarua kawas mimiti manehna datang , anyiiiiiiinggg partner aing geus balik kencan tingali irungna heurang kitu , kumaha kumaha dang sakses teu ? Da si ading teu apaleun kronologis kejadian tadi , geus hayu ding naek engke ku aing dicaritakeun , okey dang , ka toko minuman si adang teh mang ggs (golden golden slow) 2 roko garpitna sabungkus , siap , ading jol bertanya tanya dalam hate partner aing meuli minuman sebagai bentuk perayaan atau prustasi nya ? Ading bingung , ngahuleung kuadrat ading sapaparat jalan , tuluy turun dijembatan lembur , terus nga ggs , ggs niiiiihhh ciwaaaaaayyy , jadi kieu ding dicaritakeun kabeh kumaha kronologis tadi kencan teh ku si adang teh , soalna mun ditulis deui pasti panjang hoream deuih , cangkeul :( , oh kitu dang hampura aing teu apal , okey kalem , tapi ceuk aing mah si tuti pasti datang deui dang rek kumaha kumaha oge , geus ulah ngomongkeun si eta ding , okey atuh dang , adang ading nga ggs , adang ading balangsak deui wae aaaaaaaaaaaa , anggeur weh sakumaha tarikna ge pas asup jero kamar mah ngahuleung deui kapikiran deui si adang teh , sarekeun moal baleg~ , isukana sekitar pukul 09.38 wib , "kanggo bapak bapak sareng ibu ibu pemuda pemudi kumargi bade nyanghareupan bulan agustus hayu urang beberes lembur , sangkan agustusan na enakeun , thanks" sora toa didesa , ading hudang terus mandi tuluy ka imah partnerna yuuuuppzzz si adang , adaaaaaaaannnnggggg!!!!!!! , naon ding isuk keneh atuh iyeu teh da digawe heunteu sakola heunteu atuh , lain kitu dang , hayu kita gorol kan rek agustusan , oh kitu suganteh ngajak nongki nongki digor aing mah , okey siap ding , lalu mereka gorol jeung kolot nu ngora kabeh ngahiji , si ading neangan karung si adang neangan masalah , ngala awi ngabersihan kamalir , babad lapang naon weh sangkan iyeu lembur katingalina alus da agustusan mah sataun sakali nu unggal poe mah rasa cinta ini padamu kiwwww ah bersambung~
Inti dina episode iyeu ulah ngaheureuykeun perasaan batur , hargaan , ulah datang pas butuh ulah poho pas bungah , jeung kudu bersosialisasi jeung masyarakat mun aya acara dilembur teh , najan hirup ruksak jeung balangsak ge , kontribusi ka lembur kudu aya beh cemistrina dapat , edaaaaaaaannn , masiaaaaaaaaaaa :( , geus heula euy semen keusik cai , adukeun , aing kulaaaayyyy heula , dadaaaaahhhh :*
<script async src="https://pagead2.googlesyndication.com/pagead/js/adsbygoogle.js?client=ca-pub-5233189552588093"
crossorigin="anonymous"></script>